Monday, October 7, 2019

SOAL PTS BAHASA SUNDA KELAS 4 SEMESTER 1 TAHUN 2019 KURIKULUM 2013 + KUNCI JAWABAN


PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SEMESTER I
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
SD NEGERI MARGAMULYA
UPT PENDIDIKAN WILAYAH CIKATOMAS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA

MATA PELAJARAN  :  BAHASA SUNDA
KELAS: IV ( EMPAT )

Hari  :  .......
Tanggal  :  ...........
Waktu  :  ...................... WIB


I.         Pilih salah sahiji jawaban anu bener ku cara nyakra ( X ) hurup A, B, C atawa D !

1.      Nu kaasup kecap pagawean di handap ieu ….
A.    sedih
B.     baca
C.     mobil
D.    bungah
2.      Eling-éling dulur kabeh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paéh
Jumlah engang ( suku kecap ) pupujian “ pépéling “ tadi, dina sapadalisanna aya . . . .
A.    Dalapan suku kecap
B.     Salapan suku kecap
C.     Sapuluh suku kecap
D.    Sabelas suku kecap
3.      Waditra seni buhun nu sok dipaké mirig pupujian teh diantara nyaéta ….
A.    Gitar
B.     Piano
C.     Terebang
D.    Bas
4.      Dudi jeung Rahmat keur dalahar di kantin. Harti dalahar dina kalimah tadi nyaéta  ….
A.    loba nu didaharna
B.     loba nu dalaharna
C.     masing-masing dalaharna
D.    sarupa nu didaharna
5.      Pépéling téh hartina . . . .
A.    ngabéjaan
B.     naséhat
C.     nyarékan
  D. nyaram
6.      Barudak kelas 4 keur  . . . pedaran Bu Susi
A.    ngabandungan
B.     ningalikeun
C.     miluan
D.    mapatahan
7.          anu nulis rumpaka tembang bubuy bulan téh ?
Kecap pananya nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nyaéta . . . .
A.    Saha
B.     Iraha
C.     Sabaraha
D.    Dimana

8.      Urang salawasna kudu éling, yen hiji waktu bakal maot.
Harti éling dina kalimah tadi sarua jeung . . . .
A.    sadar
B.     inget
C.     nyaho
D.    paham
9.      Ku tambahna penduduk, bubutuh listrik ogé jadi ngaronjat.
Ngaronjat hartina sarua jeung . . . .
A.    ningkat
B.     turun
C.     angger
D.    irit
10.   Asep jeung Soleh keur indit ka Kota.
Kecap indit upama dirobah jadi jamak, nyaéta . . . .
A.    Indit-inditan
B.     pada indit
C.     ararindit
D.    diinditan
11.  Campoléh téh hartina . . . .
A.    Rajin
B.     Lalawora
C.     Tekun
D.    Ati-ati
12.  Aminah jeung Siti leumpang tingkariclik . . . Pa Soleh
A.    Di hareupeun
B.     Di tukangeun
C.     Di gigireun
D.    Di luhureun
13.  PLTA singgetan tina . . .
A.    Pembangkit Listrik Tenaga Angin
B.     Pembangkit Listrik Tenaga Asap
C.     Pembangkit Listrik Tenaga Air
D.    Pembangkit Listrik Tenaga Awan
14.  Mesin atawa motor anu muter jeung digerakkeun ku cai atawa angina, disebutna . . .
A.    Kolécér
B.     Tower
C.     Menara
D.    Turbin
15.  Salah sahiji cara ngahémat energi listrik, nyaéta . . . .
A.    Listrik dipareuman unggal peuting
B.     Listrik dihurungkeun nepika beurang
C.     Upama teu dipaké alat listrik kudu dipareuman
D.    Kabéh lampu nu aya di imah dihurungkeun


II.      LENGKEPAN TITIK-TITIK DI HANDAP IEU KU KECAP NU MERENAH !
16.  Cing atuh pareuman radio teh ulah . . . waé !
17.  Pakakas nu sok digunakeun pikeun ngetik sarta bisa dibabawa jeung bisa diprint hasilna nyaéta . . . .
18.  Kecap ceurik upama dirobah kana jamak ( loba ) jadi . . . .
19.  Asri jeung Tika keur ( diuk ) dina bangku.
Kecap diuk dina kalimah tadi sakuduna . . . .
20.   Terebang téh hiji waditra nu sok dipaké mirig . . . .
21.  Urang kudu ngabiasakeun hémat energi, misalna  mareuman tv lamun teu ditingali.
Kecap énergi saharti jeung kecap . . . .
22.  PLN singgetan tina . . . .
23.  Saprak rajin diajar, prestasi manéhna di kelas jadi . . . .
24.  Cai urut nyuci ulah diaurkeun kamana wae, sangkan moal nimbulkeun . . . kana taneuh.
25.  Upama jeung babaturan kudu silih asah, silih asih, jeung silih . . . .

III.   PIGAWÉ SOAL DI HANDAP LUYU JEUNG PARÉNTAHNA !
26.  Aya sabaraha padalisan ( baris ) dina sapadana ( bait ) pupujian téh ?
27.  Kudu kumaha sikep urang jeung babaturan ?
28.  Tuliskeun tilu cara ngahémat énergi !
29.  Tuliskeun tilu rupa parabot nu aya di imah nu ngagunakeun énergy listrik !
30.  Naon waé akibatna upama urang teu ngahémat énergi ?

                                                                                 

















PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SEMESTER I
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
SD NEGERI MARGAMULYA
UPT PENDIDIKAN WILAYAH CIKATOMAS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA

MATA PELAJARAN  :  BAHASA SUNDA
KELAS: IV ( EMPAT )


KUNCI JAWABAN

BAGIAN I
1. B
2. A
3. C
4. A
5. B

6. A
7. A
8. B
9. A
10. C
11. B
12. B
13. C
14. D
15. C

BAGIAN II
16. Disadakeun
17. Laptop
18. Careurik
19. Dariuk
20. Pupujian
21. Tanaga
22. Perusahaan listrik negara
23. Ngaronjat
24. Polusi
25. Asuh

BAGIAN III
26. Aya opat padalisan
27. Kudu silih asih, kudu silih asuh, silih asah, silih ajenan, silih bantu, jsb
28. – pareuman lampu atawa pakakas listrik anu keur teu digunakeun
      - Gunakeun alat listrik hemat energy
     - Cabut colokan alat listrik nu teu dipake
     - Pareuman lampu upama wanci geus beurang jsb
29. Dispenser, rice cooker, setrika, tv, radio, jsb
30. – Biaya jang mayar listrik bakal nambah
      - Sumber energi listrik bakal tereh beak
      - anak incu moal  ngarsasakeun manfaatna sumber energy listrik

SKOR

Bagean
Nomer
Skor
I
Nomer 1 s/d  Nomer 15
15
II
Nomer 16 s/d Nomer 25
10
III
Nomer 26
Nomer 27
Nomer 28
Nomer 29
Nomer 30
2
3
3
3
4
jumlah
40

Nilai akhir =  x 100


No comments:

Post a Comment