Monday, October 7, 2019

SOAL PTS BAHASA SUNDA KELAS 5 SEMESTER 1 TAHUN 2019 KURIKULUM 2013 + KUNCI JAWABAN


PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SEMESTER I
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
SD NEGERI MARGAMULYA
UPT PENDIDIKAN WILAYAH CIKATOMAS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA

MATA PELAJARAN  :  BAHASA SUNDA
KELAS: V ( LIMA )

Hari  :  .......
Tanggal  :  ...........
Waktu  :  ...................... WIB


I.         Pilih salah sahiji jawaban anu bener ku cara nyakra ( X ) hurup A, B, C atawa D !

1.      Nu sok arulin béklen biasana barudak ….
A.    Lalaki
B.     Awéwé
C.     Lalaki jeung awéwé
D.    Salah kabehannana
2.      Ulah sakali-kali deui ngalawan ka kolot.
Kecap “sakali-kali” dina kalimah tadi ngandung harti  ….
A.    Dipahing ngalakukeun deui
B.     Kudu ngalakukeun deui
C.     Meunang ngalakukeun deui
D.    Meunang ngalakukeun sakali deui
3.      Anu kaasup kalimah aktif di handap ieu nyaéta ….
A.    Sapédah Udin Kamari diinjeum  ku Ahmad rék dibawa ka sakola
B.     Mang Parta mawa pacul ka sawah
C.     Hayam Bi Icih dipeuncit jang suguh sémah
D.    Bukuna dibawa ku babaturanna ka sakola
4.      Kaulinan jajangkunan sok disebut oge  ….
A.    Suten
B.     Gatrik
C.     égrang
D.    Békles
5.      Kaulinan urang lembur perlu dimumule ku sararéa. Kecap “ dimumule “ hartina ….
A.    Diantep
B.     Dipopohokeun
C.     Diapilainkeun
D.    Dipiara
6.      Hanjakal pisan, budak téh   . . . tapi tara daék diajar.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nyaéta . . . .
A.    Geulis-geulis
B.     Péndék-péndék
C.     Jangkung-jangkung
D.    Goréng-goréng
7.          jalmi nu bakal datang dina acara paturay tineung téh ?
Kecap pananya nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nyaéta . . . .
A.    Saha
B.     Iraha
C.     Sabaraha
D.    Dimana

8.      Ayeuna Poe Kemis. Hartina  . . .  Poe Juma’ah.
A.    Kamari
B.     Isuk
C.     Pagéto
D.    Mangkukna
9.      “ Cing, Pang nyandakkeun cai kadieu “
Tanda baca nu merenah pikeun mungkas kalimah tadi nyaéta . . . .
A.    Tanda titik
B.     Tanda Pananya
C.     Tanda Koma
D.    Tanda Panyeluk
10.  Conto kalimah ajakan nu bener di handap ieu nyaéta ….
A.    Kamari abdi tos nyaba ti Jakarta
B.     Dimana ayana Gunung Tangkuban Parahu ?
C.     Hayu urang babakti ka ibu rama, sangkan hirup urang bagja !
D.    Jadi jalma ulah sok jail ka batur !
11.  Nu sok arulin ngaradu kaléci ilaharna barudak . . . .
A.    Awéwé
B.     Lalaki
C.     Lalaki jeung awéwé
D.    Salah sakabéhna
12.  Kaulinan urang lembur gé bisa jadi salah sahiji daya tarik . . . .
A.    Wisata
B.     Alam
C.     Seniman
D.    Olah raga
13.  Pupuh Durma miboga watek . . . .
A.    Nalangsa
B.     Banyol
C.     Sumanget
D.    Ambek-ambekan
14.  Dina padalisan kahiji pupuh maskumambang, diwengku ku . . . .
A.    12 engang
B.     10 engang
C.     8 engang
D.    6 engang
15.  Lamun aya nu kamusibatan téh hadéna urang nyumbang kalayan . . . .
A.    Kapaksa
B.     Ikhlas
C.     Hayang kapuji
D.    Saeutik


II.      LENGKEPAN TITIK-TITIK DI HANDAP IEU KU KECAP NU MERENAH !
16.  Pakakas nu sok dipaké dina kaulinan Sapintrong nyaéta . . . .
17.  Istilah “ nangkar atawa nangkub “ sok aya dina kaulinan . . . .
18.  Kecap “ saurang-saurang “ kaasup kana kecap rajékan . . . .
19.  Badrun ti mimiti maén can kungsi kaparengkeun meunang. Céntanganna nyamos wae.
Kecap nyamos dina kalimah tadi hartina ….
20.   . . .  urang kerja bakti meresihan solokan !
Kecap ajakan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nyaéta    ….
21.  Asep :  . . .   acara paturay tineung kelas VI téh ?
Ade   : acarana baris dilumangsungkeun dina Sasih Agustus
Kecap pananya nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nyaéta  . . . .
22.  Kamari Poé Salasa, berarti ayeuna Poé  . . . .
23.  Pikeun ngakhiran hiji kalimah sok digunakeun tanda baca . . . .
24.  Sato nu sok dipaké narik délman nyaéta . . . .
25.  Manéhna ngarasa  . . . sabab geus hasil nu dipimaksudna.

III.   PIGAWÉ SOAL DI HANDAP LUYU JEUNG PARÉNTAHNA !
26.  Jieun kalimah aktif tina kecap-kecap di handap ieu
a.  tulis
b. baca
27.  Tuliskeun 3 kaulinan barudak !
28.  Jieun kalimah pananya tina kecap pananya dihandap ieu !
a.       Saha
b.      Iraha
29.  Jieun 2 kalimah ajakan !
30.  Tuliskeun  pakakas nu sok digunakeun dina kaulinan béklen !





PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SEMESTER I
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
SD NEGERI MARGAMULYA
UPT PENDIDIKAN WILAYAH CIKATOMAS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA

MATA PELAJARAN  :  BAHASA SUNDA
KELAS: V ( LIMA )


KUNCI JAWABAN

BAGIAN I
1. B
2. A
3. B
4. C
5. D

6. A
7. A
8. B
9. D
10. C
11. B
12. A
13. C
14. A
15. B

BAGIAN II
16. Karet geulang
17. Beklen
18. Dwi murni
19. teu keuna
20. Hayu
21. Iraha
22. Rebo
23. Titik
24. Kuda
25. Bungah

BAGIAN III
26. diserahkeun ka guru
27. Ngadu kaleci, beklen, sapintrong, gatrik, jajangkungan jsb
28. diserahkeun ka guru
29. diserahkeun ka guru
30. bal karet, kewuk

SKOR

Bagean
Nomer
Skor
I
Nomer 1 s/d  Nomer 15
15
II
Nomer 16 s/d Nomer 25
10
III
Nomer 26
Nomer 27
Nomer 28
Nomer 29
Nomer 30
4
3
2
4
2
jumlah
40

Nilai akhir =  x 100


No comments:

Post a Comment